Knowledge is FREE


Selasa, 28 Januari 2014

KUMPULAN SAJAK SUNDA

PEUTING


Uyup ayap                            
poek buta rajin!
Salengkah nece lemah
lunta teuing kamana
nutur-nutur induk suku

Meredong,
unggal usik,unggal malik
kaandeg rereged,
cucuk reumis

Duh, marifat jeng tarekat
kakalicesan...
geuning mangsana
manjing ngaji diri
dzikir ka Illahi Robbi
pikeun babalik pikir...

1988




=======================================================================

KEMBANG SOKA

KEMBANG SOKA (Haturan Ikah R.Abi di Surga )

Aya kembang, bangun nu linduh
teuteupna motah
muhitna rindat kadeudeuh
najan waruga kuring,
sesa rarangkang asih
na anjeun narima ?

Juni 1987

POE CANGRA(Haturan Ikah R.Abi di Surga)

Lambat Lambut,
lalangse marudah
katojo panon poe nu ngulisik,
kingkilaban!
Mencrong...

Najan banget kuhapa rek tigin
lumengkah,palias katambias
can cucud mun hirup tacan babakti
sawangan ngimpleng,kahayang ti sareupna
ka subuhnakeun

Poe panjang,guareun urang
pan cenah babaladon
teu sirikna ngahelaran ?!
Bray, poe cangra,mabra
sumiratna pameungkeut asih
sugan baris kasorang

Maret 89 



======================================================================

KAMELANG

KAMELANG (keur hiji ngaran)                             

Rumingkangna kalangkang

ngan sakolebat,bihari
rumenghapna katangen na poe nu simpe
: duh ,tresna teh endah
mun diwincik ku iman jeung kaheman

Sanggeus midangdam katugenah
balebat ngincid ka landeuh,
aya hariring jempling peuting
ngageuing diri
pinasti patelak jeung harti

Sukaresik-Pangandaran,29 Mei 1987

=======================================================================

Batu Hiu

BATU HIU               

Jumegurna ombak
neumbag dada
masing parna,
taya sora
nganaha-naha
bongan saha?!

Awak buligir
bet asa keur budak
kokojayan silih simbeuh
poho waktu,nataku

Dicarek teu ditalek
poe isuk tangtu ...mulang!

Batu Hiu, 1986

=======================================================================

TANCEB KAYON                               

Kuring rek mulang
mun diri nyangking kalangkang
moal lana manjang katugenah
lungse
satutas rengse ngawekas udagan

Tanceb kayon muka lalangse
bongan,
bongan rasa motah
ngoconan kadeudeuh

                               Sukaharja,Agustus 1988
Posting Lebih Baru Previous
This is the oldest page




Klik untuk melihat kode: :) =( :s :D :-D ^:D ^o^ 7:( :Q :p T_T @@, :-a :W *fck* x@

TOP